Lompat ke isi

Spaghetti

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Spaghetti polos teu maké saos
Spaghetti maké saos jeung kéju

Spaghetti nyaéta emih anu bentukna paranjang saperti sapu nyéré, ilaharna di masak 9-12 menit di dina cai anu ngagolak.[1] Spaghetti sabenerna kadaharan ti Italy.[1] Hampir unggal jalma nyangka yén spaghetti anu dibawa ku Marco Polo anu geus lalampahan ka Tiongkok.[1] Padahal mah sanggeus diilikan ku Bangsa Romawi anu ngameunangkeun perang ngadahar spaghetti.[1] Sedaengkeun Marco Polo balik ti Tiongkok dina taun 1292.[1] Spaghetti mangrupa salah sahiji pasta anu geus dipikawanoh kubangsa Italiati jaman tani kira-kira 10.000 taun katukang, tina tipung anu dihasilkeun tuluy diolah maké saeutik cai jeung endog anu jadi adonan anu disebut pasta.[1] Tuluy digiling jadi aripis saperti nyéré.[1] anu mangrupa induk pasta anu disebut Lasagna.[1] Au satuluyna mekar jadi pasta lainna saperti Fusili, Penne, Tagliatelle, jrrd.[1]

Cara nyieun spaghetti [2][édit | édit sumber]

Bahan : 200 gr spaghetti anu garing, saléter cai jeung uyah sacukupna.[2] Bumbu : 1 sdm mantéga.[2] 2 btr bawang bodas, cincang nepi ka lemes.[2] 1 btr bawang bombay anu leutik, cincang nepi ka lemse.[2] 3 bh sosis.[2] 3 sdm saos tomat botol.[2] 2 buah tomat beureum, di kulub sakeudeung, piceun kulit jeung sikina. Cincang leutik.[2] 1 sdt saos cabé botol.[2] 1/2 sdt oregano kering.[2] 1/2 sdt basil kering.[2] 1 sdt gula.[2] 1 sdt uyah.[2] 1/2 sdt pedes.[2] 1/2 gelas cai.[2] Cara nyieuna, kulub cai jeung uyah nepi ka ngagolak, asupkeun spaghetti anu garing, antepkeun kira-kira 10-12 menit.[2] Bari nungguan spaghetti asak, tumis bawang bombay anu geus dicincang, tuluy bawang bodas, nepi ka ambeu seungit.[2] Asupkeun sosis, tomat cincang, saos tomat, saos cabai, oregano kering jeung basil.[2] Galokeun sakeudeung tuluy asupkeun gula, pedes jeung uyah.[2] Sanggeus kitu asupkeun cai saeutik nepi ka kentel. Sanggeus kitu emih spaghetti asupkeun kana tumisan kasebut.[2]

catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i Asal-Usul Pasta masih Membingungkan Archived 2011-04-13 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 4 Desember 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t Cara Membuat Spaghetti (Dicutat tanggal 4 Desember 2011)